Ti mimiti dina jero kandungan, urang Sunda geus dianteur ku
mangrupa-rupa kabiasaan para karuhun, sakedik aya guaran meunang nyutat
tina seratan batur ngeunaan rupa-rupa kabiasaan nu mangrupakeun hiji
kabudayaan pikeun urang Sunda.
MANGSA KAKANDUNGAN
- Kakandungan nincak opat bulan
Mangsa
baheula dina kabiasaan urang Sunda, lamun umur kakandungan awéwé karék
nincak 2-3 bulan, acan disebut kakandungan, masih kénéh disebut nyiram,
sanggeus nincak kana opat bulan karék disebut kakandungan.
Upacara
nu diayakeun dina mangsa kakandungan opat bulan biasana sok ngayakeun
salametan, atawa pangaosan. Kalayan ngondang tatangga pikeun
ngadungakeun supaya jabang bayi nu dikandung salamet nepika gubragna ka
alam dunya.
- Kakandungan nincak tujuh bulan/Tingkeban
Upacara
Tingkeban mangrupakeun hiji acara nu diayakeun dimana umur kakandungan
nincak kana umur tujuh bulan. Tujuan tina upacara ieu nyaéta supaya nu
dikandung jeung nu ngandungna salamet. Dina acara ieu biasana sok sok
aya pangaosan kalayan maca ayat-ayat Al-Qur’an Surat Yusuf jeung Surat
Maryam. Di sagédéngeun éta disayagikeun rupa-rupa alat pikeun
ngamandikeun nu kakandungan, rurujakan nu disebut kanistrén tina tujuh
rupa bungbuahan. Nu keur kakandungan dimandian ku tujuh urang baraya
pangdeukeutna, dipingpin ku paraji, kalayan make samping kebat tujuh
lambar piligenti, make cai kembang tujuh rupa, dina banyuran an u
katujuh, cai diasupan belut, nu ngandung harti hiji paménta supaya
dimana babarna engké si orok bisa lésang jiga belut. Dibarung ku muragna
belut, kalapa gading nu geus disadiakeun dibeulah make bedog, hal ieu
ngandung siloka supaya orok nu gelar ka alam dunya mibanda sifat jiga
kalapa gading nu alus, caina amis, sarta eusi kalapana ngeunah.
Sanggeus réngsé dipandian, nu kakandungan didangdosan, laju muru tempat
rujak kanistrén, acara diteruskeun ku dagang rujak tadi, minangka tukang
dagang nu kakandungan ngaladangan barudak jeung para uleman meuli rujak
make talawéngkar, minangka duitna.
- Kakandungan nincak salapan bulan
Upacara
kakandungan salapan bulan diayakan nalika umur kandungan nincak salapan
bulan, maksud dina upacara ieu nyaéta sangkan orok nu dikandung ganjang
lahir kalayan salamet, minangka siloka dina ieu upacara disadiakeun
bubur lolos, anu dibaikeun reujeung tumpeng, atawa kadaharan liana.
- Upacara Reuneuh Mundingeun
Upacara
Reuneuh Mundingeun diayakeun lamun umur kakandungan leuwih ti salapan
bulan, maksud diayakeun ieu upacara nyaéta sangkan nu kakandungan
gancang babar, ulah nepika jiga munding, jeung sangkan ulah ayah al nu
teu dipikaharep. Dina prak-prakanana, beuheung nu keur kakandungan
dikongkorongan ku kolotok munding, bari dituyun jiga nuyun munding
dibawa ngurilingan kandang munding tujuh kuriling, sanggeus ngurilingan
kandang munding, ku paraji dipandian, terus dibawa ka jero imah. Pikeun
upacara nu ieu ayeuna geus arang langka diayakeun.
NALIKA OROK GEUS GUBRAG KA ALAM DUNYA
- Mulasara bali/plasénta
Bali
dianggap dulur si orok jeung teu meunang dipiceun sagawayah, kudu
diayakeun upacara husus pikeun ngurebkeuna atawa malidkeun ka walungan.
Bali nu bijilna bareng jeung orok diteundeun dina pependil, dicampuran
ku bumbu-bumbu uyah, asem, gula beureum, ditutupan ku lamak bodas,
dibéré liang paranti hawa (élékan). Pependil diais make samping kebat,
make paying, biasana ku paraji atawa ku kokolot, dikurebkeun dihareupeun
imah, dibarengan ku maca hadiah atawa tawasulan ka Syéh Abdulqadir
Jaélani jeung ka para karuhun. Di luhureuna dicaangan ku cempor atawa
obor nepika tali puser si orok leupas. Upacara ieu mibanda siloka,
supaya orok gedéna engké jadi jalma nu bagja.
- Neunjrag Bumi
Upacara
Neunjrag Bumi nyaéta neunggeulkeun halu kana taneuh tujuh kali deukeut
orok, atawa make cara séjén nyaéa si orok digolérkeun dina palupuh,
terus digebrag kucara neunggeul palupuh. Tujuan tina upacara ieu sangkan
si orokj teu jadi jalma nu barbarian reuwas.
Upacara Puput Puseur
Sanggeus orok leupas tali puserna, biasana diayakeun salametan, tali
puser ku indung beurang diasupkeun kana kanjut kundang. Puseur ditutupan
ku bénggol nu geus tibungkus ku lamak atawa kapas, maksud dina upacara
ieu nyaéta sangkan puseur budak teu dosol. Upacara ieu sok dihijikeun
jeung mere ngaran ka budak, bari maca do’a salamet, nyayagikeun bubur
beureum jeung bubur bodas.
- Nurunkeun
Nurunkeun
mangrupakeun hiji upacara dimana orok munggaran dibawa kaluar ti imah,
ngandung maksud pikeun ngawanohkeun orok ka sabundereunna. Acarana
dieusi ku pangaosan, du’a pikeun kasalametan.
- Cukuran/Marhabaan
Umur
orok 40 poé Upacara cukuran ngandung maksud pikeun meresihan atawa
ngumbah buuk orork tina sagala najis, nu mangrupakeun hiji acara nu
dieusi ku maca Barjanzi atawa riwayat Kanjeng Rosul, si orok dibawa
nguriling pikeun diteukteuk buukna ku para uleman bari terus maca
Barjanzi. Pakarang pikeun upacara ieu nyaéta kembang tujuh rupa, gunting
nu make perhiasan (cincin, kongkorong, geulang,)
- Turun Taneuh
Upacara
Turun Taneuh diayakeun mun budak geus bisa nincakkeun suku kana taneuh,
ngandung maksud sangkan si budak nyaho kaayaan sakurilingna jeung nyaho
kana hal kadunyaan. Upacarana ngondang tatangga. Sasadiaan pikeun
upacara ieu diantarana samping pikeun ngais, samak, pare sakeupeul,
perhiasan emas, duit lambaran ti mimiti ratusan, réwuan, nepika puluhan
réwu. Dina prak-prakanna, sanggeus ondangan karumpul, ngadu’a, sanggeus
bérés ngadu’a, budak dibawa kaburuan, diburuan geus disadiakeun
kadaharan, perhiasan jeung duit nu ditenudeun dina luhur lamak bodas. Si
budak sina nincak barang-barang nu dina luhur lamak tadi. Upacara ieu
ngandung maksud sangkan jaga éta budak motékar dina nyiar kipayah.
- Sepitan/Sunatan Baraya tangtu tos uninga
MANGSA ASUP RARABI
Samé méméh rarabi atawa, urang Sunda kaasup mibanda kabiasaan nu kacida lobana diantarana :
- Neundeun Omong
Nyaéta
kolot ti pihak lalaki dating ka kolot pihak awéwé, pikeun ngawanohan
sarta neundeun omongan yén éta budak awéwé téh rék dilamar..
- Ngalamar atawa nyeureuhan
Nyaéta
pihak kolot lalaki ngadatangan deui pihak awéwé pikeun ngalamar, dina
kasempetan ieu sok dibadamikeun rarancang pikeun waktu upacara nikah,
kalayan dibarengan ku pihak lalaki mikeun waragad sakadugana. Ti mimiti
harita, si awéwé geus kabeungkeut kulamaran si lalaki.
- Seserahan
Nyaéta
mikeun si jajaka calon pangantén ka pimitohaeunna, dibarengan ku barang
bawa rupa-rupa babawaan, gumantung kana kabiasaan wewengkon
séwang-séwangan. Prak-prakanna bisa 2 poé saméméhna poé akad, atawa
dihijikeun jeung poé geprakna akad nikah.
- Akad Nikah/Ijab Qobul
Sanggeus
seserahan, diteruskeun kana akad nikah, luyu jeung ageman urang Sunda
nu loba ngagem agama Islam, acara ieu diayakeun numutkeun katangtuan nu
geus digariskeun dina ageman Islam. Nyaéta kudu aya wali, saksi, calon
pangantén, mas kawin. Di pingpin ku Naib.
- Munjungan/sungkeman
Nyaéta kadua pangantén sungkeman ka kolotna, pikeun ménta du’a jeung réstu.
- Nyawér
Dina
nyawér ieu ngagunakeun duit récéh, béas, konéng, kekembangan, jeung
peremén. Prak-prakan upacarana, pangantén dariuk dina korsi handapeun
panyawéran, upacara dipingpin ku juru sawér. Juru sawér ngawih bari
ngawur-ngawurkeun eusi nu dina wadah ka pangantén jeung ka para hadirin,
biasana lolobana barudak nu parebut sawéran tadi.
Harti siloka dina sawér nyaéta :
Béas minangka siloka kama’muran, ngandung maksud pangharepan pikeun kama’muran pangantén dina ngambah sagara rumah tangga.
Duit récéh minangka siloka yén pangantén dina rumah tangga kudu béréhan, daék bura-béré.
Peremén minangka siloka nu amis, ngandung harti pangharepan dina rumah tangga meunang amisna kahirupan.
Konéng minangka siloka kajayaan, ngandung pangharepan dina rumah tangga bisa anjog kana kajayaan.
KIDUNG SAWER
Pangapunten kasadaya
Kanu sami araya
Réhna bade nyawér heula
Ngedalkeun eusi werdaya
Dangukeun ieu piwulang
Tawis nu mikamelang
Teu pisan dék kumalancang
Megatan ngahalang-halang
Bisina tacan kaharti
Tengetkeun masing rastiti
Ucap lampah ati-ati
Kudu silih beuli ati
Lampah ulah pasalia
Singalap hayang waluya
Upama pakiya-kiya
Ahirna matak paséa
Wuuurrrr….
- Nincak Endog/Meuleum harupat/meupeuskeun kendi
Sanggeus
nyawér, nincak kana acara nincak endog. Pangantén ngadeukeutan golodog
imah, didinya geus disadiakeun peralatan saperti lilin, ajug, harupat 7
leunjeur, samping poléng, élékan, endog hayam atah, kendi eusi cai,
jeung batu pipisan. Kabéh bahan ieu ngandung siloka. Dina prak-prakan
ieu acara, pangantén meuleum harupat, laju dipiceun kuduaan, prak-prakan
ieu ngandung siloka, urang kudu miceun sikep getas harupateun.
Pangantén lalaki nincak endog, sanggeus kitu sukuna diteundeun dina dina
batu pipisan, pangantén awéwé ngumbah éta suku lalaki make cai dina
kendi, kendina laju dipeupeuskeun, ngandung siloka pangabdian pamajikan
ka salaki.
- Muka panto
Nincak kana
buka panto, pangantén awéwé asup ka jero, lalaki nungguan diluar, ha
lieu ngandung siloka, awéwé moal mukakeun panto lamun lalaki acan
ngucapkeun dua kalimah Syahadat, maksud acara ieu pikeun ngayakinkeun
awéwé ngeunaan ageman salakina. Aya gunem catur diantara duaan nu
diwakilan ku juru kawih, conto kawihna diantarana :
Istri : Saha eta anu kumawani
Taya tata taya bemakrama
Ketrak- ketrok kana panto
Laki-laki : Geuning bet jadi kitu
Api-api kawas nu pangling
Apan ieu teh engkang
Hayang geura tepung
Tambah teu kuat ku era
Da diluar seueur tamu nu ningali
- Huap Lingkung/pabetot-betot bakakak
Nincak
kana huap lingkung kadua pangantén diuk ngaréndéng, istri dibeulah
kéncaeun lalaki, dihareupeun geus sadia sangu konéng jeung bakakak
hayam. Prak-prakan acara ieu, pangantén silih betot bakakak, sanggeus
mareunang bagéan bakakak pangantén silih huapan. Siloka dina upacara ieu
nyaéta kadua pangantén kudu silih béré dibarengan ku ihlas.
MANGSA MULIH KA JATI, MULANG KA ASAL (TILAR DUNYA)
Salaku
mahluk anu diwates ku umur, tangtu dina hiji mangsa bakal ninggalkeun
alam dunya, aya sababarah runtuyan kagiatan anu dipigawé kunu ditinggalkeun, pikeun mulasara jasad.
Ilaharna,
runtuyan upacara dina mulasara mayit dimimitian ku ngandian, ngaboéhan,
nyolatkeun, ngurebkeun, nyusur taneuh jeung tahlilan. Tahlilan dieusi
ku maca du’a jeung dzikir ka Allah SWT, kalayan ngandung maksud jeung
tujuan ngadungakeun arwah nu geus tilar dunya, masing ditarima amal
ibadahna, ogé kulawarga anu ditinggalkeun masing dipaparin kasabaran
jeung kaiklasan. Tahlilan diayakeun di imah nu kapapaitan, biasana
diayakeun pasosoré atawa peutingna dina poé kahiji nu maot ngantunkeun,
anu disebut poéna, tiluna, tujuhna, matangpuluh (opat puluh poéna),
natus (saratus poéna), mendak taun (mangsa sataun ngantunkeun), jeung
néwu (mangsa saréwu poé ngantunkeun.
Dicutat ti:
Tidak ada komentar:
Posting Komentar