Kecap panyeluk
atawa interjeksi nya éta kecap pancén anu miboga fungsi pikeun
ngébréhkeun sora bituna rasa panyaturna. Dina leunjeuran kalimah, kecap
panyeluk téh taya hubungan langsung jeung kekecapan atawa babagian
kalimah. Sipatna diluareun kalimah (ékstra-kalimah) umumna miheulaan
kalimah, sanajan sok aya nu ditukangeun kalimah. Kecap panyeluk kaasup
salasahiji ciri ragam basa lisan lantaran ieu kecap téh mimindengna
digunakeun dina basa lisan. Dina ragam basa tulis, kecap panyeluk téh
sok disela ku tanda koma (,). Contona :
- "Wah, aya lauk badag-badag teuing!"
- "Hih atuh, wayahna baé kasép sing adék prihatin!"
Dumasar kana pancénna dina leuleunjeuran kalimah, kecap panyeluk miboga sababaraha harti :
- 'Bungah/Gumbira' : Horé, Horséh ;
- 'Kaget' : ambuing, lakadalah, euleuh, wah ;
- 'Geuleuh' : iy, éy, wéw, yéy ;
- 'Keuheul' : ih, na, yéh ;
- 'Nyeri' : aduh, alah, alahieung ;
- 'Tumamprak' : alhamdulillah, sukur
- 'neneda/meredih' : Gusti, nun Gusti, ya Allah ;
- 'Umajak' : yu, hayu, yu atuh, mangga ;
- 'Karumasaan' : nuhun, hatur nuhun ;
- 'Mupuas' : puas, hag siah, euleuh ;
- 'Ngageuri' : emh, hih, cing atuh.
Jaba ti éta, dina kalimah lisan sok aya unsur nu mirip kecap panyeluk, disebutna panggentra (vokatif).
Panggentra nya éta unsur tambahan atawa sélér (satelit) tina kalimah,
anu mangrupa kecap atawa frasa barang anu nuduhkeun jalma nu diajak
nyarita. Sipatna manasuka, bisa aya bisa henteu, sarta cicingna bisa
dihareupeun, ditengah kalimah, jeung di tungtung kalimah. Contona :
- "Jang, cing pangmeulikeun obat batuk!"
- "Iraha sumping ti Batawi, Kang?"
- 'Upami teu kaabotan, Bapa, saur pun biang badé nambut motor.
Unsur panggentra henteu jadi bagian langsung atawa gembleng tina
kalimah, katempona siga bubuntut, jadi mangrupa sélér (satelit). Dina
basa lisan ébréh tina lentongna, ari dina basa tulisan dicirian ku tanda
koma (,). Gunana panggentra téh ditujukeun ka nu diajak nyarita
sangkan aya perhatian, utamana lamun aya pamiarsa lain. Wujud
panggentra bisa rupa-rupa kayaning :
- Ngaran jalma, boh aya gelaran boh euweuh, saperti : Udin, Pa Haji ;
- Istilah pancakaki saperti : Ma, Pa, Mang, Bi, Kang, Ceu, Ayi, Aki ;
- Kedaling kasab atawa propési, saperti : Pa Kadés, Jang Guru, Bu Bidan ;
- Kedaling kanyaah, saperti : Néng, Geulis, Kasép, Bageur ;
- Kedaling kakeuheul, saperti : Bebel, Kéhéd, Begu, Kunyuk.
Dicutat tina:
Tidak ada komentar:
Posting Komentar