Online


Get this .

Animasi

Home

Kamis, 06 November 2014

"PAMALI"

Baheula, jaman keur budak. Sok remen diwawadianan ku kolot; "Mun ngala suluh ka leuweung, teu meunang nuar dahan kai nu ngarandakah. Pangpungna gé teu meunang diala. Iwal nu ragrag, nu ngagolér, mulung pangpung disebutna!" "Naha?", céngtéh. Jawabna téh pondok pisan; "Pamali!", cenah. Komo wani nuar kai nu jadi di sirah cai, waaah dipahing pisan! Ari alesanna téh angger, "Pamali!".

Bakat ku panasaran, akang nanyakeun alesan nu satemenna. Heu da kecap "Pamali" mah teu kaharti ku pikir. Ari jawabna téh méngkol kana urusan "kapercayaan", pajarkeun téh; "Bisi nu ngageugeuh dina taneuh nu geus maneuh, kasigeung. Bisi nu ngancik di sirah cai, kabetrik. Bisi nu mangkuk mangtaun-taun dina rungkun, kabadug. Bisi nu ngawasa di éta patempatan, kadupak. Antukna, malik teu suka. Narajang dadak-dadakan, ngalawan teu kanyahoan. Akibatna, matak cilaka, malah rambat kamalé ka balaréa.

Komo leuweung geledegan mah nu langka kasaba ku manusa. Leuweung gerotan, leuweung angker, leuweung sanget, katelahna gé. Omat tong diganggu, tong digunasika, malah tong kumawani ngulampreng! Bahaya! Loba jurig nyiliwuri, loba sétan marakayangan, loba genderewo nu néwo-néwo, loba kélong nu lalohong! Bisi katambias di tengah alas, terus dirawu kélong, antukna balik ngaran." Iiiyyy, matak kukurayeun, matak ginggiapeun, matak maruringkak bulu punduk. Pangaruhna ka barudak, keuna ku babasan; "Inggis ku bisi, rémpan ku béja. Gimir ku pamali." Nya, tara aya nu kumawani ngulampreng ka leuweung geledegan.

Tah, bihari mah kecap pamali jeung bisi téh matih pisan. Nu matak kayaan leuweung téh éstu walagri tur lastari. Nalika akang nincak sawawa, kakara kaharti yén pamali jeung bisi téh pangwawadi tradisi nu malibir, teu togmol. Bisa kasurti téh sanggeus dipikiran tur dilenyepan. Jéntréna mah kieu meureun. Heueuh, pan kahayang manusa mah renung alahbatan jukut, rapang alahbatan béntang. Meunang sajeungkal, hayang sadeupa. Meunang sadeupa, hayang sahasta. Teu weléh hayang jeung haaayang wé! Larapna? Heueuh, mun pirajeunan ngulampreng ka leuweung ganggong sima gonggong. Nyaho hartina leuweung ganggong sima gonggong? Heueuh, leuweung geledegan nu rembet ku tatangkalan. Mun urang ngomong téh ngagoronggong geuning, aya aweuhan sora, sada aya nu némbalan. "Bergaung - bergema" ceuk barudak ayeuna mah. Contona: "Sekarang banyak didirikan gedung yang berbalkon kon kon kon kon kon .... dan banyak dibangun jalan tol tol tol tol tol tol ...." Taaah, mun dihijikeun mah gema éta nu sok mawa mamala téh! Tong dianteur waé kayahangna téh atuh! Heu, ulah dimana waé ngaseukna! Bisi keuna ku panyakit AIDS, Iiiy bararaid! Héhéhéhé...

mun jaman kiwari, kecap pamali jeung bisi téh cambal alias teu matih. Sabab nu ngomongna teu matuh, nu diomongan kalah motah. Buktina? Heu, tempo kaayaan leuweung jaman ayeuna! Baheulana wewengkon leuweung ganggong sima gonggong nu rembet kakayon, gunung subur tutuwuhan, pasir sugih pepelakan, tegal beunghar jujukutan - jadi lahan pangangonan téh ayeuna jadi muguran. Gunung gundul, pasir bulistir, tegalan taya jukutan. Akibat talajak insan nu barangasan, sarakah taya ras-rasan. Cagar alam ngarangrangan, sabab tatangkalan terus-terusan dituaran bari teu diayuman. Ceuk basa populér mah istilahna téh Ilegaloging. Sasatoan laleungitan, diranjah sato enyaan. Heueuh, sato enyaan téh manusa nu néangan kauntungan keur kaperluan sorangan, malah pikeun nyubadanan kaperluan rombongan, da kaciri abring-abringan bari meungpeukan beungeut ku saweuy. Najan tangtu aya nu nangénan malah aya nu ngélingan, tapi neugtreug mawa karep sorangan, bari susulumputan, disangkana meureun moal katohyan. Nalika katohyan, gancang ngatur siasat sangkan aman.

Carana? Heueuh, cukup haharewosan bari ngeupeulan ka nu nangénan. Tégaan pisan! Sabab, éta kalakuan téh éstu tanpa tinimbangan, teu asak jeujeuhan, teu ngaragangan kana mamala nu bakal tumiba kana kahirupan tur kahuripan papada insan. Malah ayeuna karandapan ku sasatoan tur balaréa nu aya di sabudeureun éta patempatan. Buktina: Maung jeung lutung - suwung; Badak, landak, bayawak, merak, jalak, koréak, jeung lalawak - béak; Bagong, kalong, bayongbong, jeung papatong - parongpong; Gajah, jarapah, jeung lancah - musnah; Kijang, peucang, biruang, kapodang, heulang, éngang, soang, gaang, hurang, kungkang, éngkang-éngkang - ilang; Careuh, keuyeup jeung beunteur - euweuh; Beurit jeung piit - leungit; Manukhaur, babakhaur, jeung undur-undur - lapur; Monyét, légé, ténggék, pepengéng, tongérét, jeung génggéhék – réhé - simpé; Oray, lalay, leunyay, paray - teu reuay; Macan, orang-utan, jeung nyiruan - laleungitan; Anjing, kalajengking, papanting, lembing, jeung cacing - jempling; Jeung sasatoan lianna, teuing kamarana jigna.

Akibat tatangkalan dituaran, sasatoan dialaan, ekosistem ilang kasaimbangan. Lingkungan kahirupan nyorang parobahan nu mawa katunggaraan. Lapisan hawa paniisan (lapisan ozon) ngipisan. Mangsa katiga entak-entakkan, hawa nyongkab panas pisan. Cinyusu - nyaatan; Walungan - ngorotan; Solokan - ngolétrak pisan; Pasawahan - kagaringan, teuas nepi ka telaan. Wanci usum ngijih, datang bahayaérosi. Turun hujan silantangan. Gunung luhur - marendékkan; Pasir gajegir - ngabékéan; Walungan gugulidagan; Cileuncang umpal-umpalan; Caah déngdéng warna konéng, neunggar bénténg - ngararad lonéng. Wewengkon dayeuh kakeueum; Padésaan kabanjiran; Basisir beuki kasisisir (abrasi); Jaladri - ngageuri, sagara - tunggara, laut anu katempuhan, teu kaduga nadah caah nu ngabudah mawa runtah tur mawa wabah. Antukna: Lautan - marudah, sagara - amarah, jaladri gonjang-ganjing, nya datangtsunami nu teu kajudi. Balukarna; Insan nu tara opénan, dulur nu tara loba catur, somah nu tara ngarinah, ukur sadrah jeung sumerah. Patani kaseuit ati, kaom buruh ukur rumahuh, pagawé nagri bati ngageuri, pamayang ngabarungsinang. Rahayat tibuburanjat, tihothat, walurat, malarat, masakat, sakarat, sasambat ka Hyang Murbengrat, panyambat parat ka jagat muprat, ngupat para aparat nu hianat, ngadamprat ka para ningrat nu jarahat: "Kawalat! Kawalat! Kala'nat! Kala'nat! Pegat kawat ni'mat! Sapat tambang rohmat! Paragat tina hidayat! Ragrag harkat, darajat, sarta martabat! Kiamat! Kiamat! Kiamat!" Kitu meureun, panyambat tur pangupat rahayat nu ngajerit maratan langit, ngocéak maratan jagat. Malah aya oge nu ngagogog bari mantog, geus lain unjuk rasa deui, tapi unjuk raga, bari susumbar paheuras-heuras genggerong, malah aya ogé nu bari ngaruksak wawangunan.

Ah, nya éta atuh... romantika kahirupan di dunya téh beuki deui beuki sahéng, beuki harénghéng. Bancang pakéwuh pating jelegur, musibah, wabah - tambah sumarambah. Di antarana, alatan manusa teu ngamumulé lingkungan pileuweungan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar