Online


Get this .

Animasi

Home

Kamis, 06 November 2014

WAKTU / WANCI JEUNG USUM DINA BASA SUNDA

Urang Sunda, utamana mah nu hirup dijaman baheula ("Baheula" didieu sahenteuna nepika jamanna Almarhum pun Bapa jumeneng kénéh), boga sebutan anu Khas keur nangtukeun atawa nyebutkeun waktu dina sapopoé, atawa sebutan keur mangsa usum-usuman.
Kulantaran beuki majuna jaman jeung beuki saeutik nu maké sebutan wanci dina basa Sunda, sebutan-sebutan wanci téh beuki ngaleungit, lantaran jelema modérn mah leuwih gampang nginget-nginget "Jam 8 isuk-isuk" tinimbang "wanci haneut moyan". Tah dumasar kana hal éta, kuring rék medar sebutan-sebutan wanci jeung usum dina basa Sunda, nu meunang nyutat ti Wikipedia (Alhamdulillah, aya nu masih kénéh inget jeung daék nulis kabudayaan basa Sunda di dunya nu geus sagala modérn kieu)

Ngaran-Ngaran Waktu Dina Sapoé Sapeuting Dumasar Kana Kajadian Alam
  • Wanci tumorék, nya éta wanci keur meujeuhna saré tibra (kira-kira tabuh 00.30)
  • Wanci janari sapi, kira-kira tabuh 01.00
  • Wanci janari leutik, nya éta wanci liwat tengah peuting (kira-kira tabuh 01.30)
  • Wanci janari gedé, kira-kira tabuh 02.00
  • Wanci disada rorongkéng, nya éta wanci disada kongkorongok hayam sakali (kira-kira tabuh 02.30)
  • Wanci haliwawar, nya éta wanci disada kongkorongok hayam dua kali (kira-lira tabuh 03.00-03.30)
  • Wanci janari, kira-kira tabuh 04.00
  • Wanci balébat, nya éta udat-udat beulah wétan dina waktu rék pajar (kira-kira tabuh 05.00)
  • Wanci carancang tihang, nya éta wanci liwat pajar, téténjoan remeng-remeng kénéh (kira-kira tabuh 05.30)
  • Wanci murag ciibun/meleték sarangéngé, nya éta wanci mimiti témbong panonpoé, ciibun nu ngagarenclang dina dangdaunan mimiti murag (kira-kira tabuh 07.00)
  • Wanci haneut moyan, nya nya éta wanci keur sedeng dipaké moyan (kira-kira tabuh 08.00)
  • Wanci rumangsang, nya éta wanci sabada haneut moyan panonpoé mimiti karasa panas (kira-kira tabuh 09.00)
  • Wanci pecat sawed, kira-kira tabuh 10.00 (munding nu dipaké magawé dilaanan/dipecat sawedna tina beuheung munding nu narik wuluku/garu), di tempat-tempat panas tabuh 10.00, di tempat-tempat nu hawana tiis tabuh 11.00
  • Wanci manceran/tengah poé, nya éta panonpoé aya di luhureun embun-embunan; panonpoé keur meujeuhna mancer (kira-kira tabuh 12.00)
  • Wanci lingsir ngulon, nya éta wanci panonpoé ngésér ka kulon (kira-kira tabuh 14.00)
  • Wanci panonpoé satungtung, nya éta waktu panonpoé satungtung (kira-kira tabuh 15.00)
  • Wanci tunggang gunung, nya éta waktu panonpoé geus rék surup ayana dina luhureun gunung (kira-kira tabuh 16.00-17.00)
  • Wanci sariak layung, nya éta wanci layung di langit katénjo beureum (kira-kira tabuh 17.00-18.00)
  • Wanci érang-érang, nya éta waktu panonpoé rék surup (kira-kira tabuh 17.30-18.00)
  • Wanci sareupna/harieum beungeut, nya éta waktu geus mimiti reup poék (kira-kira tabuh 18.00-18.30)
  • Wanci sareureuh gaang, nya éta waktu gaang eureun disada (kira-kira tabuh 19.00)
  • Wanci sareureuh budak, nya éta waktu barudak leutik geus mimiti saré (kira-kira tabuh 21.00)
  • Wanci sareureuh kolot, nya éta waktu kolot mangsana reureuh (kira-kira tabuh 22.00)
  • Wanci tengah peuting, kira-kira tabuh 24.00.

Sesebutan Waktu Dumasar Kana Waktu Ibadah
  • Pajar, kira-kira tabuh 04.00 waktu rék meleték panonpoé
  • Imsak, kira-kira 10 menit saméméh waktu subuh
  • Subuh, kira-kira tabuh 04.30-05.00
  • Duha, kira-kira tabuh 08.00-09.00
  • Lohor, kira-kira tabuh 12.00
  • Bada lohor, kira-kira tabuh 12.30-13.00, waktu sanggeus kadéngé bedug lohor
  • Asar, kira-kira tabuh 15.30
  • Magrib, kira-kira tabuh 17.30-18.00, waktu geus mimiti poék pikeun ngalaksanakeun sholat magrib
  • Bada magrib, kira-kira tabuh 18.00-19.00, waktu saréngséna sholat magrib
  • Isa, kira-kira tabuh 19.00, waktu pikeun ngalaksanakeun sholat isa
  • Bada isa, kira-kira tabuh 19.00-20.00, waktu sanggeus ngalaksanakeun sholat isa.

Sesebutan Waktu nu Patali jeung Poé
  • Isuk-isuk, kira-kira tabuh 05.00-10.00, wanci bada subuh nepi ka kira-kira pecat sawed
  • Beurang, nya éta ti mimiti meleték panonpoé nepi ka surupna
  • Pabeubeurang, kira-kira tabuh 11.00-14.30, waktu sabada pecat sawed nepi ka waktu panon poé satungtung
  • Pasosoré, kira-kira tabuh 15.00-18.00, waktu sabada panon poé satungtung nepi ka waktu sareupna
  • Peuting, nya éta waktu ti barang surup panonpoé nepi ka meletékna deui
  • Poé ieu, nya éta waktu anu ayeuna keur dilakonan
  • Isukan, nya éta sapoé nu bakal datang
  • Pagéto, nya éta heuleut sapoé ti ayeuna ka hareup (dua poé nu bakal datang)
  • Pagéto amat, nya éta heuleut dua poé ti ayeuna ka hareup (tilu poé nu bakal datang)
  • Kamari, nya éta poé nu geus kaliwat sapeuting
  • Mangkukna, nya éta kamarina, heuleut sapoé ka tukang (poé nu geus kaliwat dua poé)
  • Tilu poé ka tukang, nya éta waktu nu geus kaliwat tilu poé.

Waktu nu Patali jeung nu Geus Kalakon
  • Ayeuna, nya éta waktu nu keur dilampahan
  • Bieu, nya éta waktu nu cikénéh karangdapan
  • Cikénéh, nya éta panuduh waktu nu geus kaliwat, pandeurieun bieu
  • Tadi, nya éta waktu nu can lila kaliwatna
  • Engké/mangké, nya éta nuduhkeun waktu (deukeut nu bakal kasorang).

Sesebutan Waktu nu Patali jeung Jaman
  • Kiwari, nya éta jaman nu keur dilakonan ayeuna
  • Baréto, nya éta jaman nu geus lila kaliwat
  • Baheula, nya éta jaman nu geus lilia kaliwat béh ditueun baréto
  • Bihari, nya éta jaman nu geus kaliwat lila pisan
  • Jaga, nya éta jaman nu lila kénéh bakal kasorang
  • Isuk jaganing géto (pagéto), nya éta jaman nu moal lila bakal kasorang
  • Baring supagi, nya éta isuk jaganing géto, dina waktu nu bakal datang.

Sesebutan Waktu Séjénna
  • Sakiceup, nuduhkeun waktu nu sakeudeung pisan
  • Sakedét, nuduhkeun waktu nu sakeudeung pisan
  • Sakilat, nuduhkeun waktu nu sakeudeung pisan, diupamakeun kana liana kilat nu ngaburinyay
  • Saharita, waktu éta atawa harita kénéh
  • Sajongjongan, nuduhkeun waktu sawatara sekon
  • Sakedupan, nuduhkeun waktu saharita, jero sawatara sekon
  • Sapanyeupahan, nuduhkeun waktu nu teu sabaraha lilana, kira-kira lilana sarua jeung nu keur nyeupah
  • Sapangéjoan, nuduhkeun waktu nu rada lila, kira-kira lilana sarua jeung nu keur ngéjo (nyangu)
  • Sapoé sapeuting, nuduhkeun waktu anu lilana dua puluh opat jam
  • Saminggu, nuduhkeun waktu anu lilana tujuh poé
  • Sabulan, nuduhkeun waktu anu lilana opat minggu (28,29,30 atawa 31 poé)
  • Sabulan campleng, nuduhkeun waktu anu lilana sabulan jejeg
  • Saumur jagong, nuduhkeun waktu anu lilana sarua jeung umur melak jagong, kira-kira tilu bulan satengah
  • Sausum, nuduhkeun waktu anu dicirian ku sakali usum, upamana usum hujan, usum kadu
  • Sataun, nuduhkeun waktu anu lilana dua welas bulan
  • Sataun landung, nuduhkeun waktu anu lilana dua welas bulan leuwih
  • Sawindu, nuduhkeun waktu anu lilana dalapan taun
  • Saabad, nuduhkeun waktu anu lilana saratus taun
  • Samilénium, nuduhkeun waktu anu lilana sarébu taun.

Usum-Usuman
Usum-usuman nya éta waktu anu nuduhkeun usum atawa waktu nu tangtu, upamana waé usum hujan, usum kadu.Usum-usuman bisa dibagi sababaraha waktu, saperti dihandap ieu.

Waktu nu Patali jeung Kayaan Alam
  • Usum mamaréng, nya éta usum mimiti ngijih
  • Usum ngijih, nya éta waktu mindeng turun hujan
  • Usum dangdarat, nya éta usum panyelang antara ngijih jeung katiga, hujan jeung halodo kakapeungan
  • Usum katiga, nya éta usum halodo, usum teu hujan
  • Usum barat, nya éta usum angin grdénu jolna ti kulon, pacampur jeung hujan
  • Usum selatan, nya éta usum loba angin nu jolna ti kidul-wétan.

Waktu Nu patali jeung Kaayaan nu aya di Masarakat
  • Usum ngagebug, nya éta usum loba nu gering parna, loba nu maraot
  • Usum sasalad, nya éta usum loba panyakit nu babari tépa
  • Usum parepok, nya éta usum loba nu kawin
  • Usum paceklik, nya éta usum kurang dahareun, pangpangna béas atawa paré, usum paila
  • Usum tigerat, nya éta usum paceklik
  • Usum nguyung, nya éta usum paceklik.

Waktu nu Patali jeung Tatanén di Sawah
  • Usum nyambut, nya éta mangsa ngagarap sawah
  • Usum tebar, nya éta mangsa ngawurkeun binih kana pabinihan
  • Usum tandur, nya éta mangsa melak binih parénu tos jadi di kotakan sawah
  • Usum ngarambét, nya éta mangsa miceunan jukut nu jaradi antara tangkal paré di sawah
  • Usum celetu, nya éta mangsa siki paré geus mimiti cul-cel baruahan
  • Usum beukah, nya éta mangsa paré areusian, bareukah
  • Usum rampak, nya éta mangsa paré geus rampak kaluar humbutna
  • Usum beuneur héjo, nya éta mangsa paré geus beuneur tapi masih kénéh héjo
  • Usum pibuateun, nya éta mangsa paré ngadagoan waktu nu mustari pikeun dipanén
  • Usum panén, nya éta mangsa paré diala (dibuat).

Waktu nu Patali jeung Tatanén di Huma
  • Usum nyacar, nya éta mangsa nyacar leuweung pihumaeun
  • Usum ngahuru, nya éta mangsa ngaduruk kai jeung kakayon séjénna
  • Usum ngaseuk, nya éta mangsa melak paré huma
  • Usum ngoréd/ngoyos, nya éta mangsa meresihan jukut nu jaradi antara luwukan paré ku koréd
  • Usum dibuat/ngétém, nya éta mangsa ngala paré (maké étém).
Mugia tuisan ieu sahenteuna bisa ngajadikeun pangéling pikeun urang Sunda khususna, yén nyatana basa Sunda téh sakitu beungharna. Hatur nuhun.... :)

"PAMALI"

Baheula, jaman keur budak. Sok remen diwawadianan ku kolot; "Mun ngala suluh ka leuweung, teu meunang nuar dahan kai nu ngarandakah. Pangpungna gé teu meunang diala. Iwal nu ragrag, nu ngagolér, mulung pangpung disebutna!" "Naha?", céngtéh. Jawabna téh pondok pisan; "Pamali!", cenah. Komo wani nuar kai nu jadi di sirah cai, waaah dipahing pisan! Ari alesanna téh angger, "Pamali!".

Bakat ku panasaran, akang nanyakeun alesan nu satemenna. Heu da kecap "Pamali" mah teu kaharti ku pikir. Ari jawabna téh méngkol kana urusan "kapercayaan", pajarkeun téh; "Bisi nu ngageugeuh dina taneuh nu geus maneuh, kasigeung. Bisi nu ngancik di sirah cai, kabetrik. Bisi nu mangkuk mangtaun-taun dina rungkun, kabadug. Bisi nu ngawasa di éta patempatan, kadupak. Antukna, malik teu suka. Narajang dadak-dadakan, ngalawan teu kanyahoan. Akibatna, matak cilaka, malah rambat kamalé ka balaréa.

Komo leuweung geledegan mah nu langka kasaba ku manusa. Leuweung gerotan, leuweung angker, leuweung sanget, katelahna gé. Omat tong diganggu, tong digunasika, malah tong kumawani ngulampreng! Bahaya! Loba jurig nyiliwuri, loba sétan marakayangan, loba genderewo nu néwo-néwo, loba kélong nu lalohong! Bisi katambias di tengah alas, terus dirawu kélong, antukna balik ngaran." Iiiyyy, matak kukurayeun, matak ginggiapeun, matak maruringkak bulu punduk. Pangaruhna ka barudak, keuna ku babasan; "Inggis ku bisi, rémpan ku béja. Gimir ku pamali." Nya, tara aya nu kumawani ngulampreng ka leuweung geledegan.

Tah, bihari mah kecap pamali jeung bisi téh matih pisan. Nu matak kayaan leuweung téh éstu walagri tur lastari. Nalika akang nincak sawawa, kakara kaharti yén pamali jeung bisi téh pangwawadi tradisi nu malibir, teu togmol. Bisa kasurti téh sanggeus dipikiran tur dilenyepan. Jéntréna mah kieu meureun. Heueuh, pan kahayang manusa mah renung alahbatan jukut, rapang alahbatan béntang. Meunang sajeungkal, hayang sadeupa. Meunang sadeupa, hayang sahasta. Teu weléh hayang jeung haaayang wé! Larapna? Heueuh, mun pirajeunan ngulampreng ka leuweung ganggong sima gonggong. Nyaho hartina leuweung ganggong sima gonggong? Heueuh, leuweung geledegan nu rembet ku tatangkalan. Mun urang ngomong téh ngagoronggong geuning, aya aweuhan sora, sada aya nu némbalan. "Bergaung - bergema" ceuk barudak ayeuna mah. Contona: "Sekarang banyak didirikan gedung yang berbalkon kon kon kon kon kon .... dan banyak dibangun jalan tol tol tol tol tol tol ...." Taaah, mun dihijikeun mah gema éta nu sok mawa mamala téh! Tong dianteur waé kayahangna téh atuh! Heu, ulah dimana waé ngaseukna! Bisi keuna ku panyakit AIDS, Iiiy bararaid! Héhéhéhé...

mun jaman kiwari, kecap pamali jeung bisi téh cambal alias teu matih. Sabab nu ngomongna teu matuh, nu diomongan kalah motah. Buktina? Heu, tempo kaayaan leuweung jaman ayeuna! Baheulana wewengkon leuweung ganggong sima gonggong nu rembet kakayon, gunung subur tutuwuhan, pasir sugih pepelakan, tegal beunghar jujukutan - jadi lahan pangangonan téh ayeuna jadi muguran. Gunung gundul, pasir bulistir, tegalan taya jukutan. Akibat talajak insan nu barangasan, sarakah taya ras-rasan. Cagar alam ngarangrangan, sabab tatangkalan terus-terusan dituaran bari teu diayuman. Ceuk basa populér mah istilahna téh Ilegaloging. Sasatoan laleungitan, diranjah sato enyaan. Heueuh, sato enyaan téh manusa nu néangan kauntungan keur kaperluan sorangan, malah pikeun nyubadanan kaperluan rombongan, da kaciri abring-abringan bari meungpeukan beungeut ku saweuy. Najan tangtu aya nu nangénan malah aya nu ngélingan, tapi neugtreug mawa karep sorangan, bari susulumputan, disangkana meureun moal katohyan. Nalika katohyan, gancang ngatur siasat sangkan aman.

Carana? Heueuh, cukup haharewosan bari ngeupeulan ka nu nangénan. Tégaan pisan! Sabab, éta kalakuan téh éstu tanpa tinimbangan, teu asak jeujeuhan, teu ngaragangan kana mamala nu bakal tumiba kana kahirupan tur kahuripan papada insan. Malah ayeuna karandapan ku sasatoan tur balaréa nu aya di sabudeureun éta patempatan. Buktina: Maung jeung lutung - suwung; Badak, landak, bayawak, merak, jalak, koréak, jeung lalawak - béak; Bagong, kalong, bayongbong, jeung papatong - parongpong; Gajah, jarapah, jeung lancah - musnah; Kijang, peucang, biruang, kapodang, heulang, éngang, soang, gaang, hurang, kungkang, éngkang-éngkang - ilang; Careuh, keuyeup jeung beunteur - euweuh; Beurit jeung piit - leungit; Manukhaur, babakhaur, jeung undur-undur - lapur; Monyét, légé, ténggék, pepengéng, tongérét, jeung génggéhék – réhé - simpé; Oray, lalay, leunyay, paray - teu reuay; Macan, orang-utan, jeung nyiruan - laleungitan; Anjing, kalajengking, papanting, lembing, jeung cacing - jempling; Jeung sasatoan lianna, teuing kamarana jigna.

Akibat tatangkalan dituaran, sasatoan dialaan, ekosistem ilang kasaimbangan. Lingkungan kahirupan nyorang parobahan nu mawa katunggaraan. Lapisan hawa paniisan (lapisan ozon) ngipisan. Mangsa katiga entak-entakkan, hawa nyongkab panas pisan. Cinyusu - nyaatan; Walungan - ngorotan; Solokan - ngolétrak pisan; Pasawahan - kagaringan, teuas nepi ka telaan. Wanci usum ngijih, datang bahayaérosi. Turun hujan silantangan. Gunung luhur - marendékkan; Pasir gajegir - ngabékéan; Walungan gugulidagan; Cileuncang umpal-umpalan; Caah déngdéng warna konéng, neunggar bénténg - ngararad lonéng. Wewengkon dayeuh kakeueum; Padésaan kabanjiran; Basisir beuki kasisisir (abrasi); Jaladri - ngageuri, sagara - tunggara, laut anu katempuhan, teu kaduga nadah caah nu ngabudah mawa runtah tur mawa wabah. Antukna: Lautan - marudah, sagara - amarah, jaladri gonjang-ganjing, nya datangtsunami nu teu kajudi. Balukarna; Insan nu tara opénan, dulur nu tara loba catur, somah nu tara ngarinah, ukur sadrah jeung sumerah. Patani kaseuit ati, kaom buruh ukur rumahuh, pagawé nagri bati ngageuri, pamayang ngabarungsinang. Rahayat tibuburanjat, tihothat, walurat, malarat, masakat, sakarat, sasambat ka Hyang Murbengrat, panyambat parat ka jagat muprat, ngupat para aparat nu hianat, ngadamprat ka para ningrat nu jarahat: "Kawalat! Kawalat! Kala'nat! Kala'nat! Pegat kawat ni'mat! Sapat tambang rohmat! Paragat tina hidayat! Ragrag harkat, darajat, sarta martabat! Kiamat! Kiamat! Kiamat!" Kitu meureun, panyambat tur pangupat rahayat nu ngajerit maratan langit, ngocéak maratan jagat. Malah aya oge nu ngagogog bari mantog, geus lain unjuk rasa deui, tapi unjuk raga, bari susumbar paheuras-heuras genggerong, malah aya ogé nu bari ngaruksak wawangunan.

Ah, nya éta atuh... romantika kahirupan di dunya téh beuki deui beuki sahéng, beuki harénghéng. Bancang pakéwuh pating jelegur, musibah, wabah - tambah sumarambah. Di antarana, alatan manusa teu ngamumulé lingkungan pileuweungan

ISTILAH WANGUNAN IMAH

Dihandap ieu aya sababaraha bagéan atawa rohangan dina hiji wangunan atawa gedong, rék wangunan anu sapopoé ku urang dipaké ngiuhan, karaton jeung sajabana, diantarana  :

A. Ngaran Rohangan Di Imah/Wangunan
  • Buruan, tanah hareupeun imah. 
  • Dapur, tempat mirun seuneu, masak, nyangu jsb.
  • Garasi, tempat (kandang) mobil. 
  • Goah, pangkéng (kamar) pabéasan jeung tempat neundeun kadaharan nu séjénna, biasana di jero imah bagian tukang. 
  • Jamban, pamandian, tempat mandi. 
  • Madé, rohangan lega di tengah karaton paranti nu ngadareuheusan. 
  • Mihrab, rohangan leutik di masigit, paranti imam jeung mimbar. 
  • Pakarangan, tanah sakurilingeun imah. 
  • Pamengkang, bagian karaton atawa kabupatén (baheula) tempat nampa nu ngadeuheusan atawa masamoan. 
  • Pancaniti, tempat ngabadamikeun urusan pamaréntahan di karaton atawa kabupatén (baheula).
  • Pangkéng, kamar, rohangan imah paranti saré atawa barangteundeun. 
  • Panyepén, tempat nyepi. 
  • Patengahan, rohangan imah nu di tengah. 
  • Pipir, tanah tukangeun atawa gigireun imah. 
  • Sepén, kamar leutik tempat neundeun bahan dahareun. 
  • Sitinggil, babancong, wawangunan nu lanténa rada luhur di alun-alun (baheula), paranti raja (bupati jsb), ningali karaméan sok aya ogé nu nyebut istinggil. 
  • Srimanganti, gedong atawa tempat abdi-abdi nu rék ngadeuheus ka raja (baheula). 
  • Tepas, émpér, bagian imah panghareupna atawa pangtukangna, anu biasana heunteu ditutup kabéh ku bilik, atawa maké kaca.

B. Babagian Imah/Adegan
  • Abig (ampig), bilik juru tilu dina pongpok leuit atawa pongpok imah. 
  • Adeg-adeg, pananggeuy nok dina suhunan. 
  • Ambén, tepas imah panggung nu lanténa tina palupuh.
  • Babancik, golodog, papanggé. 
  • Balandar, sarupa balok nu wangunna pasagi opat dipasang di luhur kuda-kuda pikeun nahan usuk dina rangka hateup.
  • Bangbarung, kai atawa awi antara tihang panto di handap. 
  • Cempéd, lakop, papan heureut atawa awi sabébék anu dipaké nutupan sarta mageuhan sisi-sisi atawa sambungan bilik. 
  • Dalurung (darurung), awi guluntungan atawa kai antara pananggeuy jeungpalupuh dina imah panggung.
  • Damit, iga-iga leuit, palang dada luareun bilik. 
  • Deudeul, tihang pondok panahan dalurung (di kolong imah panggung).
  • Érang-érang, awi atawa kai nu aya di antara dua tihang panto atawa jandéla belah luhur.
  • Eréng, awi bébékan atawa kai paranjang nu dipaku kana usuk pikeun ngaitkeun ceuli kenténg, numpangkeun séng jsb. nu dipaké tutup suhunan (hateup).
  • Gagalur, kai atawa beusi panahan tataban. 
  • Galar, palang dada, kai malang antara dua tihang wates sadada (harigu) luhurna, sok dipaké barangteundeun.
  • Golodog, tangga paranti unggah-unggah di imah panggung. 
  • Hateup, tutup imah di luhurna, supaya iuh, ulah kapanasan, asup cihujan, jsb. 
  • Heuay badak, liang haseup, bangunan pasagi dina suhunan dapur, maké hateup deui sina calangap.
  • Iga-iga, pamageuh bilik jeung bilik deui, awi golondongan, jaman bilik rangkep dianggangkeun.
  • Jandéla, lawang cahaya jeung hawa dina bilik atawa dingding témbok nu biasana bisa dibuka jeung ditutup cara panto, aya ogé nu make sarigsig. 
  • Jungjang, kai atawa awi anu dipalingpangkeun antara dua tihang supaya ulah réyod, pamageuh saung atawa raraga imah nu rék di adegkeun. 
  • Juré, kai suhunan antara pucukna jeung juru imah nu opat.
  • Kolong, rohangan dihandapeun imah panggung. 
  • Kuda-kuda, balok kai nu dipasang déngdék anu nyambungkeun tihang adeg jeung pamikul. 
  • Kusén, kai rangkay panto atawa jandela. 
  • Lincar, cempéd (papan) rubak pikeun nutup bilik ti belah luar, lebah darurung, atawa pikeun nutup tungtung darurung nu di hareup (dina imah panggung). 
  • Mundu, golodog panto. 
  • Palang dada, galar. 
  • Palipid, palisir, papan nu dipaké nutup tungtung usuk supaya ulah katénjo rogokna.
  • Palisir, palipid.
  • Palupuh, lanté imah panggung nu di cacag ka panjangna tuluy dibébérkeun sarta diamparkeun dina dalurung. 
  • Pamikul, panahan suhunan ka panjangna imah. 
  • Pangérét (panghérét), pamikul rubakna atawa heureutna imah. 
  • Panto, panutup lawang imah nu bisa dibuka jeung dipeundeutkeun (ditutup). 
  • Papanggé, golodog atawa babancik.
  • Para, bagian imah antara suhunan jeung lalangit.
  • Pondasi, dasar atawa tatapakan adegan témbok (gedong), pasangan batu jeung adukan dina rorakan anu jerona nepi kana lapisan taneuh nu teuas.
  • Pongpok, rohangan di sisi (handapeun suhunan) anu sok ditutup ku abig (ampig). 
  • Ranki, sabagian tina suhunan imah baheula anu dijieun tina sasag paranti hateup balubur.
  • Sarang, awi beunang meulahan saperti eréng nu dipasang dina dalurung handapeun palupuh.
  • Sarigsig, ruji, sarup, pager sap, dina jandéla, liang hawa jsté. tina kai atawa beusi supaya ulah beunang diponcoran.
  • Siku-siku (sisiku), kai atawa awi sateukteuk pikeun ngawewegan raraga imah jsb.
  • Sorondoy, hateup panambah gigireun atawa tukangeun adegan nu geus aya.
  • Sosompang, wawangunan panambah mangrupa kamar, biasana keur saheulaanan.
  • Suhunan, bagian imah nu pangluhurna, ngujur manjang nurutkeun wangun imah.
  • Tataban, papan kandel nu dipaké lanté imah panggung jsté.
  • Tatapakan, batu atawa témbok tempat napakna tihang imah.
  • Teer, kai atawa awi guluntungan nu nyambungkeun antara dua tatapakan.
  • Tihang, kai atawa awi panjang nu ditangtungkeun pikeun nahan pamikul imah jsté.
  • Usuk, kaso-kaso.
  • Wuwung, tutup hateup sapanjang sambungan suhunan, tempat patepungna dina puncak suhunan (témbok atawa séng).

UPACARA/ADAT ISTIADAT DINA KAHIRUPAN URANG SUNDA

Ti mimiti dina jero kandungan, urang Sunda geus dianteur ku mangrupa-rupa kabiasaan para karuhun, sakedik aya guaran meunang nyutat tina seratan batur ngeunaan rupa-rupa kabiasaan nu mangrupakeun hiji kabudayaan pikeun urang Sunda.

MANGSA KAKANDUNGAN
  • Kakandungan nincak opat bulan
Mangsa baheula dina kabiasaan urang Sunda, lamun umur kakandungan awéwé karék nincak 2-3 bulan, acan disebut kakandungan, masih kénéh disebut nyiram, sanggeus nincak kana opat bulan karék disebut kakandungan.  
Upacara nu diayakeun dina mangsa kakandungan opat bulan biasana sok ngayakeun salametan, atawa pangaosan.  Kalayan ngondang tatangga pikeun ngadungakeun supaya jabang bayi nu dikandung salamet nepika gubragna ka alam dunya.
  • Kakandungan nincak tujuh bulan/Tingkeban
Upacara Tingkeban mangrupakeun hiji acara nu diayakeun dimana umur kakandungan nincak kana umur tujuh bulan. Tujuan tina upacara ieu nyaéta  supaya nu dikandung jeung nu ngandungna salamet. Dina acara ieu biasana sok sok aya pangaosan kalayan maca ayat-ayat Al-Qur’an Surat Yusuf jeung Surat Maryam.  Di sagédéngeun éta disayagikeun rupa-rupa alat pikeun ngamandikeun nu kakandungan, rurujakan nu disebut kanistrén tina tujuh rupa bungbuahan. Nu keur kakandungan dimandian ku tujuh urang baraya pangdeukeutna, dipingpin ku paraji, kalayan make samping kebat tujuh lambar piligenti, make cai kembang tujuh rupa, dina banyuran an u katujuh, cai diasupan belut, nu ngandung harti hiji paménta supaya dimana babarna engké si orok bisa lésang jiga belut. Dibarung ku muragna belut, kalapa gading nu geus disadiakeun dibeulah make bedog, hal ieu ngandung siloka supaya orok nu gelar ka alam dunya mibanda sifat jiga kalapa gading nu alus, caina amis, sarta eusi kalapana  ngeunah. Sanggeus réngsé dipandian, nu kakandungan didangdosan, laju muru tempat rujak kanistrén, acara diteruskeun ku dagang rujak tadi, minangka tukang dagang nu kakandungan ngaladangan barudak jeung para uleman meuli rujak make talawéngkar, minangka duitna.
  • Kakandungan nincak salapan bulan
Upacara kakandungan salapan bulan diayakan nalika umur kandungan nincak salapan bulan, maksud dina upacara ieu nyaéta sangkan orok nu dikandung ganjang lahir kalayan salamet, minangka siloka dina ieu upacara disadiakeun bubur lolos, anu dibaikeun reujeung tumpeng, atawa kadaharan liana.
  • Upacara Reuneuh Mundingeun
Upacara Reuneuh Mundingeun diayakeun lamun umur kakandungan leuwih ti salapan bulan, maksud diayakeun ieu upacara nyaéta sangkan nu kakandungan gancang babar, ulah nepika jiga munding, jeung sangkan ulah ayah al nu teu dipikaharep. Dina prak-prakanana, beuheung nu keur kakandungan dikongkorongan ku kolotok munding, bari dituyun jiga nuyun munding dibawa ngurilingan kandang munding tujuh kuriling, sanggeus ngurilingan kandang munding, ku paraji dipandian, terus dibawa ka jero imah. Pikeun upacara nu ieu ayeuna geus arang langka diayakeun.

NALIKA OROK GEUS GUBRAG KA ALAM DUNYA
  • Mulasara bali/plasénta
Bali dianggap dulur si orok jeung teu meunang dipiceun sagawayah, kudu diayakeun upacara husus pikeun ngurebkeuna atawa malidkeun ka walungan. Bali nu bijilna bareng jeung orok diteundeun dina pependil, dicampuran ku bumbu-bumbu uyah, asem, gula beureum, ditutupan ku lamak bodas, dibéré liang paranti hawa (élékan). Pependil diais make samping kebat, make paying, biasana ku paraji atawa ku kokolot, dikurebkeun dihareupeun imah, dibarengan ku maca hadiah atawa tawasulan ka Syéh Abdulqadir Jaélani jeung ka para karuhun. Di luhureuna dicaangan ku cempor atawa obor nepika tali puser si orok leupas. Upacara ieu mibanda siloka, supaya orok gedéna engké jadi jalma nu bagja.
  • Neunjrag Bumi
Upacara Neunjrag Bumi nyaéta neunggeulkeun halu kana taneuh tujuh kali deukeut orok, atawa make cara séjén nyaéa si orok digolérkeun dina palupuh, terus digebrag kucara neunggeul palupuh. Tujuan tina upacara ieu sangkan si orokj teu jadi jalma nu barbarian reuwas.
Upacara Puput Puseur Sanggeus orok leupas tali puserna, biasana diayakeun salametan, tali puser ku indung beurang diasupkeun kana kanjut kundang. Puseur ditutupan ku bénggol nu geus tibungkus ku lamak atawa kapas, maksud dina upacara ieu nyaéta sangkan puseur budak teu dosol. Upacara ieu sok dihijikeun jeung mere ngaran ka budak, bari maca do’a salamet, nyayagikeun bubur beureum jeung bubur bodas.
  • Nurunkeun
Nurunkeun mangrupakeun hiji upacara dimana orok munggaran dibawa kaluar ti imah, ngandung maksud pikeun ngawanohkeun orok ka sabundereunna. Acarana dieusi ku pangaosan, du’a pikeun kasalametan. 
  • Cukuran/Marhabaan
Umur orok 40 poé Upacara cukuran ngandung maksud pikeun meresihan atawa ngumbah buuk orork tina sagala najis, nu mangrupakeun hiji acara nu dieusi ku maca Barjanzi atawa riwayat Kanjeng Rosul, si orok dibawa nguriling pikeun diteukteuk buukna ku para uleman bari terus maca Barjanzi. Pakarang pikeun upacara ieu nyaéta kembang tujuh rupa, gunting nu make perhiasan (cincin, kongkorong, geulang,) 
  • Turun Taneuh
Upacara Turun Taneuh diayakeun mun budak geus bisa nincakkeun suku kana taneuh, ngandung maksud sangkan si budak nyaho kaayaan sakurilingna jeung nyaho kana hal kadunyaan. Upacarana ngondang tatangga. Sasadiaan pikeun upacara ieu diantarana samping pikeun ngais, samak, pare sakeupeul, perhiasan emas, duit lambaran ti mimiti ratusan, réwuan, nepika puluhan réwu. Dina prak-prakanna, sanggeus ondangan karumpul, ngadu’a, sanggeus bérés ngadu’a, budak dibawa kaburuan, diburuan geus disadiakeun kadaharan, perhiasan jeung duit nu ditenudeun dina luhur lamak bodas. Si budak sina nincak barang-barang nu dina luhur lamak tadi. Upacara ieu ngandung maksud sangkan jaga éta budak motékar dina nyiar kipayah. 
  • Sepitan/Sunatan Baraya tangtu tos uninga
MANGSA ASUP RARABI
Samé méméh rarabi atawa, urang Sunda kaasup mibanda kabiasaan nu kacida lobana diantarana :
  • Neundeun Omong
Nyaéta kolot ti pihak lalaki dating ka kolot pihak awéwé, pikeun ngawanohan sarta neundeun omongan yén éta budak awéwé téh rék dilamar.. 
  •  Ngalamar atawa nyeureuhan
Nyaéta pihak kolot lalaki ngadatangan deui pihak awéwé pikeun ngalamar, dina kasempetan ieu sok dibadamikeun rarancang pikeun waktu upacara nikah, kalayan dibarengan ku pihak lalaki mikeun waragad sakadugana. Ti mimiti harita, si awéwé geus kabeungkeut kulamaran si lalaki. 
  • Seserahan
Nyaéta mikeun si jajaka calon pangantén ka pimitohaeunna, dibarengan ku barang bawa rupa-rupa babawaan, gumantung kana kabiasaan wewengkon séwang-séwangan. Prak-prakanna bisa 2 poé saméméhna poé akad, atawa dihijikeun jeung poé geprakna akad nikah. 
  • Akad Nikah/Ijab Qobul
Sanggeus seserahan, diteruskeun kana akad nikah, luyu jeung ageman urang Sunda nu loba ngagem agama Islam, acara ieu diayakeun numutkeun katangtuan nu geus digariskeun dina ageman Islam. Nyaéta kudu aya wali, saksi, calon pangantén, mas kawin. Di pingpin ku Naib.
  • Munjungan/sungkeman
Nyaéta kadua pangantén sungkeman ka kolotna, pikeun ménta du’a jeung réstu.
  • Nyawér
Dina nyawér ieu ngagunakeun duit récéh, béas, konéng, kekembangan, jeung peremén. Prak-prakan upacarana, pangantén dariuk dina korsi handapeun panyawéran, upacara dipingpin ku juru sawér. Juru sawér ngawih bari ngawur-ngawurkeun eusi nu dina wadah ka pangantén jeung ka para hadirin, biasana lolobana barudak nu parebut sawéran tadi.
Harti siloka dina sawér nyaéta :
Béas minangka siloka kama’muran, ngandung maksud pangharepan pikeun kama’muran pangantén dina ngambah sagara rumah tangga.
Duit récéh minangka siloka yén pangantén dina rumah tangga kudu béréhan, daék bura-béré.
Peremén minangka siloka nu amis, ngandung harti pangharepan dina rumah tangga meunang amisna kahirupan.
Konéng minangka siloka kajayaan, ngandung pangharepan dina rumah tangga bisa anjog kana kajayaan.  

KIDUNG SAWER
Pangapunten kasadaya
Kanu sami araya
Réhna bade nyawér heula
Ngedalkeun eusi werdaya
Dangukeun ieu piwulang
Tawis nu mikamelang
Teu pisan dék kumalancang
Megatan ngahalang-halang
Bisina tacan kaharti
Tengetkeun masing rastiti
Ucap lampah ati-ati
Kudu silih beuli ati
Lampah ulah pasalia
Singalap hayang waluya
Upama pakiya-kiya
Ahirna matak paséa
Wuuurrrr….
  • Nincak Endog/Meuleum harupat/meupeuskeun kendi
Sanggeus nyawér, nincak kana acara nincak endog. Pangantén ngadeukeutan golodog imah, didinya geus disadiakeun peralatan saperti lilin, ajug, harupat 7 leunjeur, samping poléng, élékan, endog hayam atah, kendi eusi cai, jeung batu pipisan. Kabéh bahan ieu ngandung siloka. Dina prak-prakan ieu acara, pangantén meuleum harupat, laju dipiceun kuduaan, prak-prakan ieu ngandung siloka, urang kudu miceun sikep getas harupateun. Pangantén lalaki nincak endog, sanggeus kitu sukuna diteundeun dina dina batu pipisan, pangantén awéwé ngumbah éta suku lalaki make cai dina kendi, kendina laju dipeupeuskeun, ngandung siloka pangabdian pamajikan ka salaki. 
  • Muka panto
Nincak kana buka panto, pangantén awéwé asup ka jero, lalaki nungguan diluar, ha lieu ngandung siloka, awéwé moal mukakeun panto lamun lalaki acan ngucapkeun dua kalimah Syahadat, maksud acara ieu pikeun ngayakinkeun awéwé ngeunaan ageman salakina. Aya gunem catur diantara duaan nu diwakilan ku juru kawih, conto kawihna diantarana :
Istri : Saha eta anu kumawani
Taya tata taya bemakrama
Ketrak- ketrok kana panto

Laki-laki : Geuning bet jadi kitu
Api-api kawas nu pangling
Apan ieu teh engkang
Hayang geura tepung
Tambah teu kuat ku era
Da diluar seueur tamu nu ningali
  • Huap Lingkung/pabetot-betot bakakak
Nincak kana huap lingkung kadua pangantén diuk ngaréndéng, istri dibeulah kéncaeun lalaki, dihareupeun geus sadia sangu konéng jeung bakakak hayam. Prak-prakan acara ieu, pangantén silih betot bakakak, sanggeus mareunang bagéan bakakak pangantén silih huapan. Siloka dina upacara ieu nyaéta kadua pangantén kudu silih béré dibarengan ku ihlas.  

MANGSA MULIH KA JATI, MULANG KA ASAL (TILAR DUNYA)

Salaku mahluk anu diwates ku umur, tangtu dina hiji mangsa bakal ninggalkeun alam dunya, aya sababarah runtuyan kagiatan anu dipigawé kunu ditinggalkeun, pikeun mulasara jasad.
Ilaharna, runtuyan upacara dina mulasara mayit dimimitian ku ngandian, ngaboéhan, nyolatkeun, ngurebkeun, nyusur taneuh jeung tahlilan. Tahlilan dieusi ku maca du’a jeung dzikir ka Allah SWT, kalayan ngandung maksud jeung tujuan ngadungakeun arwah nu geus tilar dunya, masing ditarima amal ibadahna, ogé kulawarga anu ditinggalkeun masing dipaparin kasabaran jeung kaiklasan. Tahlilan diayakeun di imah nu kapapaitan, biasana diayakeun pasosoré atawa peutingna dina poé kahiji nu maot ngantunkeun, anu disebut poéna, tiluna, tujuhna, matangpuluh (opat puluh poéna), natus (saratus poéna), mendak taun (mangsa sataun ngantunkeun), jeung néwu (mangsa saréwu poé ngantunkeun.


Dicutat ti:

KECAP PANYELUK (Interjéksi)

        Kecap panyeluk atawa interjeksi nya éta kecap pancén anu miboga fungsi pikeun ngébréhkeun sora bituna rasa panyaturna.  Dina leunjeuran kalimah, kecap panyeluk téh taya hubungan langsung jeung kekecapan atawa babagian kalimah.  Sipatna diluareun kalimah (ékstra-kalimah) umumna miheulaan kalimah, sanajan sok aya nu ditukangeun kalimah.  Kecap panyeluk kaasup salasahiji ciri ragam basa lisan lantaran ieu kecap téh mimindengna digunakeun dina basa lisan.  Dina ragam basa tulis, kecap panyeluk téh sok disela ku tanda koma (,).  Contona :
  • "Wah, aya lauk badag-badag teuing!"
  • "Hih atuh, wayahna baé kasép sing adék prihatin!"
        Dumasar kana pancénna dina leuleunjeuran kalimah, kecap panyeluk miboga sababaraha harti :
  1. 'Bungah/Gumbira'  :  Horé, Horséh ;
  2. 'Kaget'                    :  ambuing, lakadalah, euleuh, wah  ;
  3. 'Geuleuh'                :  iy, éy, wéw, yéy  ;
  4. 'Keuheul'                :  ih, na, yéh ;
  5. 'Nyeri'                     :  aduh, alah, alahieung ;
  6. 'Tumamprak'          :  alhamdulillah, sukur
  7. 'neneda/meredih'   :  Gusti, nun Gusti, ya Allah ;
  8. 'Umajak'                 :  yu, hayu, yu atuh, mangga ;
  9. 'Karumasaan'        :  nuhun, hatur nuhun ;
  10. 'Mupuas'                 :  puas, hag siah, euleuh ;
  11. 'Ngageuri'               :  emh, hih, cing atuh.
       Jaba ti éta, dina kalimah lisan sok aya unsur nu mirip kecap panyeluk, disebutna panggentra (vokatif).  Panggentra nya éta unsur tambahan atawa sélér (satelit) tina kalimah, anu mangrupa kecap atawa frasa barang anu nuduhkeun jalma nu diajak nyarita.  Sipatna manasuka, bisa aya bisa henteu, sarta cicingna bisa dihareupeun, ditengah kalimah, jeung di tungtung kalimah.  Contona  :
  • "Jang, cing pangmeulikeun obat batuk!"
  • "Iraha sumping ti Batawi, Kang?"
  • 'Upami teu kaabotan, Bapa, saur pun biang badé nambut motor.
        Unsur panggentra henteu jadi bagian langsung atawa gembleng tina kalimah, katempona siga bubuntut, jadi mangrupa sélér (satelit).  Dina basa lisan ébréh tina lentongna, ari dina basa tulisan dicirian ku tanda koma (,).  Gunana panggentra téh ditujukeun ka nu diajak nyarita sangkan aya perhatian, utamana lamun aya pamiarsa lain.  Wujud panggentra bisa rupa-rupa kayaning :
  1. Ngaran jalma, boh aya gelaran boh euweuh, saperti : Udin, Pa Haji ;
  2. Istilah pancakaki saperti : Ma, Pa, Mang, Bi, Kang, Ceu, Ayi, Aki ;
  3. Kedaling kasab atawa propési, saperti : Pa Kadés, Jang Guru, Bu Bidan ;
  4. Kedaling kanyaah, saperti :  Néng, Geulis, Kasép, Bageur ;
  5. Kedaling kakeuheul, saperti :  Bebel, Kéhéd, Begu, Kunyuk.

Dicutat tina: